Selamat datang di blog KJB! Selamat Anda telah mendapat peunjuk dari Tuhan sehingga diarahkan menuju webblog ini, Anda orang yang terpilih

Klik to Chat Admin

Wednesday, March 12, 2014

sebuah pupuh:

mungguhing hirup didunya
urang mah ngan ukur darma
didarmakeun ku pangeran
Gusti sakti nu sampurna.
teu bisa nyieun naraka
sumawonna sorga loka
komo bari ngaku rohaka
akon akon jadi dewa.
gubragna urang kadunya
estuning teu barang bawa
boro-boro boga pakaya
estuning teu walakaya.
urang ngan ukur ngumbara
teu gumelar salawasna
sabab lamun geus cunduk waktuna
bakal balik ka Manehna.
salila urang didunya
masing inget kana diri
tong poho ka temah wadi
tong poho ka purwadaksi.
asal jasad tina lemah
nu dihudangkeun ku seuneu
nu dihirupan ku cai
tur dihiberkeun ku angin.
peupeujeuh kapara dulur
nu sakasur, nu sasumur, nu sadapur , tur salembur
poma tong rajeun ngalindur.
hirup urang kudu akur
laku urang kudu jujur
boga napsu tong dilajur
bisi kabawa ka kubur.
kiwari geus nitih wanci
ninggang mangsa nu sampurna
alam geus mere bewara
geura sumujud ka Manehna..
kade montong caliweura
kabawa ku sakaba-kaba
sujud patuh jiwa raga
merbayaksa ka Mantenna.
Sakitu heula Ti Kaula.
...........Tabe..............!!!

ikuti blog ini

Follow My Blog

Popular Posts

KARYA KITA