KJB SONG LIST

Thursday, February 27, 2014

UBUKA ANJINING RASA

Niat kuring aji-ning rasa. Rasa goib titipan nu Maha Tunggal. Tunggal sarasa , tunggal sa-pangawasa, Jalan nu rahayu mapag alam kabagjaan, Eunteungeun diri pribadi. Basa mah gambaran rasa. Budi mah gambaran ati. Ngancik’na raga salira. Dina batin anu sidik, anutara daek nga-bohong, jeung di bohongan. Jaga diri ati-ati. Pinasti hirup taliti Dumugi mapagna pati. Hirup pasti, ku cageur na, ku bageur’na ku bener’na. Sing taat ka pamarentah. Repeh rapih, beres roes, tur akur reujeung sasama. Mahluk nu sugih hartina, beunghar harta, salamet hirup kumbuhna. Amjalu papadang ati. Awaking bujang ka sakti. Bisa maca bisa ngaji. Ngajina na tungtung ati. Macana na tungtung rasa. Nu hurung dina jajantung. Nu herangna, di kalilipa. Hurung tanding dammar hurung. Siang tanding dammar herang. Anu hurungna, kurungan. ANu herang, eusi rasa. Kadi bulan, kadi sarangĂ©ngĂ© ngahing medal.


(doa para leluhur kita, makasih yah teh cintya carla, udah diijinin copas)

No comments:

Post a Comment

komentar anda: