Hirup urang di dunia,
moal bakal salilana,
isuk teuing iraha,
nyawa urang dipundut ku nu kawasa
ulah loba teuing pamenta
bisi kaduhung tungtungna
hirup mah mending biasa
sangkan diri urang teu katalangasara,
reff:
kamana atuh kasaha
gumantung hirup urip di alam dunia
iwal ka gusti anu sampurna
kanu mikanyaah urang salawasna.
-----
Lirik dan lagu : Ki Laksa
Musik : Purwo R.
No comments:
Post a Comment
komentar anda: